“LENYEPANEUN”
Kumaha
Kedahna
Dunya sapertosna teh tos rarudet
sareng amburawut. Kumaha teu janten kitu, wanoja-wanoja didunya wabil khusus
anu aya di Indonesia. Seseueurna anu ngaken Agama
Islam, namung teu ngartos aranjeunna ngaraos risi atanapi ngahegak tina
papasten Islam.
Tos kabuktosan yen saban dinten
muslimah-muslimah anu shalihah tambih ngirangan kumargi diudag-udag kunu namina
era kebebasan, hak asasi manusia, karier, kitu deui emasipasi.
Salah sawios ti rupi-rupi
kaparigelan anu baris nyaatan kana katamtosan muslimah-muslimah diantawisna.
Simkuring
Gaduh Gaya
Aya babasan enggal, kanggo para
wanoja, yen gaya teh mangrupikeun bagian anu utami dina kahirupan, ti kawit
gaya rambut, raray, salira, anggoan, cariosan, sareng sajabina. Dina waktos ieu,
kaum-kaum kafir tos papinter-pinter nyiptakeun 1001 rupi cara kanggo
neuleumkeun para wanoja kana jurang anu teu kaonggok.
Namung anu matak peueur kanu manah,
para muslimah malahan ngaraos agul janten budak gaya kahirupan model kiwari anu
seseurna gaya anggoan teh nyingraykeun nilai sareng martabat Kahirupan wanoja
(muslimah).
Eta diantawisna cara anu diroketkeun
ku kaum-kaum kafir, para wanoja anu disakumna juru dunya kalebet para muslimah
oge ngiring icikibung kana model anggoan annu ditaratas ku kaum kafir.
Rebuan wanoja anu pating suliwer
nganggo anggoanna masing-masing. Tamtos moal tiasa dibejerbeaskeun sadaya
samgking kuseeurna model-model anggoan. Namung anehna wanoja muslimah langkung
mikahoyong nganggo anggoan anu ngagiwarkeun aurat aranjeunna.
Salah sawios conto model anggoan anu
tos seeur dikurumun ku kaum muslimin nyaeta perkawis kudung gaul.
Dilantarankeun dina bukuna Ust. Abu
Al-Ghifari, “Kudung Gaul, Berjilbab Tapi Telanjang.” Mantenan
masihan gambaran anu nyata tina perkawis kudung gaul. Diantawisna kudung anu
dibeulitkeun sanes nutupan dada, atanapi kudung mung saukur nempel dina
msataka.
Salian perkawis kudung gaul,
anggoan-anggoan kaum muslimin tos teu ngukur ka kujur ngimbang ka badan.
Heunteu sakedik oge pantes dianggo ku para muslimah.
Pamugi naon rupi anu didugikeun ieu
sanaos mung ingkara dina tulisan ieu, pamugi janten panggeuing, janten
lenyepaneun urang sadaya, khususna kanggo kaum muslimah.
Ditukis ku : Reza
Selawati Fauziah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar